Riyadoh malam kamis KH.Abdul Aziz Affandy

Alloh maparin kahirupan anu tentrem di dunya jeung akherat, pikeun jalma anu boga kasieun ku siksa Alloh jeung anu salawasna nyiapkeun diri pikeun ngabela agama Alloh. Bukti manusa sieun ku Alloh, dicoba ngalangkungan di engkekeun ijabah tina anu akur jeung pamentana. Kusabab kitu, perhatikeun diri disaat harepan teu daek datang, kahayang can bae bukti.

PENJELASAN

Surat ibrohim ayat 13-14 dawuh Allah:
وَقَالَ الَّذِينَ كَفَرُوا لِرُسُلِهِمْ لَنُخْرِجَنَّكُم مِّنْ أَرْضِنَا أَوْ لَتَعُودُنَّ فِي مِلَّتِنَا ۖ فَأَوْحَىٰ إِلَيْهِمْ رَبُّهُمْ لَنُهْلِكَنَّ الظَّالِمِينَ (13) وَلَنُسْكِنَنَّكُمُ الْأَرْضَ مِن بَعْدِهِمْ ۚ ذَٰلِكَ لِمَنْ خَافَ مَقَامِي وَخَافَ وَعِيدِ (14
Katentreman hirup di alam dunya didawuhkeun ku Alloh ka para Rosul bakal jeung pasti dipaparinkeun ku Alloh. Piken jalma anu dzolim mah bakal dihancurkeun, jang jalma anu Mu'min bakal dibere katentreman, lamun:

  1. Anu satiap saat dirina siap ngalaksaknakeun parentah.
  2. Anu sieun ku siksa jeung hayang ku surgana Alloh.

Kahancuran jeung kasuksesan kahirupan Alloh anu ngatur pikeun jalma anu ngabogaan tingkat iman. Tingkat kayakinan dirina ka Alloh ngalahirkeun cinta jeung sieun ka Alloh. Faham, ngarti, ngarasa yen Alloh teh aya. Buah ngayakinkeun Alloh aya tumbuhna rasa cinta jeung tumbuhna rasa sieun ku Alloh. Manusa bakal dibere kahirupan anu sampurna, kahirupan anu tentrem ayem, gemah ripah jang jalma anu ngabogaan kaimanan sahingga kualitas iman lahir dina dirina. Sieun ku siksana oge kabita ku janjina.

Manusa anu nomer kadua anu diantarana bakal menang kahirupan tentrem nyaeta manusa anu iman, teu pernah eren nyiapkeun dirina ngabela kana parentahna Alloh. Nah dua manusa ieu anu bakal menang kahirupan, katentreman, katenangan, kasenangan, kasejukan, kaharmonisan di alam dunia.
Syekh Ibnu Athoilah anjeuna sasauran terkait nilai manusa anu satiap waktu nyiapkeun diri pikeun ngalaksanakeun parentah jeung manusa anu sieun ku siksana Alloh, anu hayang ku kani'matan ti Alloh. Maka manusa eta osok dibere cobaan. Diantara cobaanana nyaeta:

  1.  Harapan jeung tujuan sok dipanderikeun dina waktuna.
  2. Dicoba ku perkara anu mana perkara eta aya anu can nepi, kurang atawa can ditarima.

Misalna: Lamun butuh duit 5jt, dibere ngan 4jt, 1jt deui teu daek datang.
Alloh henteu eren-eren masihan cobaan pikeun manusa. Ku cara naon? Harepanana dipending (dieungkekeun, henteu langsung eta harepan anu sesuai jeung harepanana dipaparinkeun). Lain teu diijabah da Alloh mah pasti ngaijabah.
وَقَالَ رَبُّكُمُ ادْعُونِي أَسْتَجِبْ لَكُمْ
“Moal aya do’a anu teu diijabah.”(Q.S.Ghafir:60).
Tapi dalam tanda kutip anu sesuai jeung harepanana. Kadang-kadang manusa menta hayang duit butuh jenis duitna, hayang pangkat butuh jenis pangkatna, hayang jabatan butuh jenis jabatanana, justru ku eta harapan anu dipentana teh anu teu dibikeun.

Urang terang bahwa do'a teh nyaeta alat komunikasi, setiap do'a pasti diijabah.

  1. Ijabah kahiji nutupan dosa.
  2. Ijabah diraksa tina ngalakukeun kasalahan.
  3. Kifarat kana kasalahan.
  4. Tambang amal bawaeun balik.
  5. Anu terakhir ijabah sesuai anu diharepkeun.

Pasti sadaya do’a diijabah. Anu dimaksud diengkekeun teh nyaeta gambaran anu dipikahayangna. Kumaha kondisi manusa nalika harepanana teu dibikeun, cita-citana teu diteupikeun, kahayanagna teu dicumponan. Nah manusa didinya ngabogaan karakter:

  1.  Karakter manusa kudu iman jeung yakin ka Alloh.
  2. Disisi anu sejen manusa ngabogaan kahayang anu kuat.

Disatu sisi manusa kudu iman ka Alloh, percaya ka Alloh, yakin Alloh anu ngaijabah, yakin ijabah Alloh nyaeta perkara anu alus. Tapi disisi anu lain manusa ngabogaaan kakuatan emosional kana harepanana. Maka muncul pamikiran-pamikiran sisi naluri kamanusiaan. Nalika harepanana teu di ebrehkeun ku Alloh, kadang manehanana aya kasalahan persepsi berpikir, aya kasalahan prasangka ka Alloh.

Alloh teu ngijabah, Alloh teu nyaah, Alloh teu dedeh, loba protes, nyalahkeun, suudzon, goreng sangka ka Alloh. Sombong dirina henteu hayang intropeksi diri naon sababna ijabah anu diharepkeun teu datang. Naluri kamanusiaan umumna sapertos kitu, dari pada nyalahkeun diri mending keneh nyalahkeun Alloh. Dari pada ngoreksi diri kajeun teuing ngoreksi Allph. Dimana-mana naluri manusa eta dilakukeun, maka ruksak penilaiaan Alloh ka diri bahwa diri teh anu sieun jeung resep ka Alloh. Kunaon sababna? Sabab aya kawani nyalahkeun Alloh dari pada nyalahkeun diri sorangan. Bahayana naon? Bahayana cacadna iman.
لا يشككنك في الوعد عدم وقوعِ الموعود . وإن تَعَيَّن زمنُه لئلا يكونَ ذلك قَدْحاً في بصيرتِكَ وإخماداً لنور سريرتك
Aya dua anu bakal lahir tina kasombongan. Ari jalma iman mah kudu yakin ka Alloh. Dari pada nyalahkeun Alloh lewih hade nyalahkeun diri sorangan. Dari pada ngoreksi Alloh, naon koreksieunana Alloh, mending ngoreksi diri sorangan.

Koreksi naon pangna harapan teu nepi?

  1. Aya hal-hal anu henteu dilakukeun ku urang
  2. Aya kasalahan-kasalahan anu dilakukeun ku urang, anu pada akhirna ngadatangkeun telat datangna ijabah.
  3. Disisi lain harepan urang anu salah,

وَقُلْ رَبِّ أَدْخِلْنِي مُدْخَلَ صِدْقٍ وَأَخْرِجْنِي مُخْرَجَ صِدْقٍ وَاجْعَلْ لِي مِنْ لَدُنْكَ سُلْطَانًا نَصِيرًا
Dari pada nyalahkeun harepan urang, dari pada ngoreksi diri sorangan kajeun teuing ngoreksi Alloh. Nah manusa anu kitu cahayana bakal parem, martabatna bakal turun, teu tulus jadi manusa anu ngabogaan kasempatan ngamenangkeun kaistiqomahan katentreman dina hirup di alam dunia.
Padahal jang jalma anu iman mah:

  1. Teangan naon faktor panyebab teu turun harepan.
  2. Lamun teu aya parentah anu katinggaleun, tea aya kasalahan-kasalahan anu dilakukeun, mumkin harepan urang anu can bener mungguh Alloh.
  3. Lamun ngarasa bahwa aya perkara hade anu can pernah dilakukeun, saenggalna dilakukeun.
  4. Lamun aya perkara dilakukeun tapi mumpang kana parentah Alloh, saenggalna eren.

Lamun teu pernah nyieun kasalahan, sadaya persaratan ibadah dilakukeun tapi harepan teu datang bae, buru geura kontrol eta harepan jeung robah harepanana.

Sapertos manusa berharap “ya Alloh si A sing bager ka kuring. ya Alloh si B sing resep, ulah ngewaeun ka kuring”. Tapi tetep we si A teu daekeun resepen, si B malah tambah ngamusuhna. Akhirna ku Alloh dirobah eta harepanana, lain berharap si A jeung si B sina rubah, tapi “ya Alloh mangga bade kumaha wae si A jeung si B ka abdi nu penting kuatkeun jiwa abdi”.
Nu tadina harapan teh si A jeung si B hayang sina barobah ,tapi ku Alloh dirobah, salah berarti eta harepan. Barobah naon? hente berharap si A, si B sina barobah tapi hayang dibere kakuatan diri. Eta hiji conto parobahan harepan.

Tapi jang manusa anu sombong dirina, cacad jiwana, anu melempem nur cahya jiwana, eta mah embung ngoreksi diri mending keneh ngoreksi Alloh, embung nyalahkeun diri kajeun teuing nyalahkeun Alloh, eta mangrupakeun naluri manusa. Nah tesis (Tesis adalah pernyataan atau teori yang didukung oleh argumen yang dikemukakan) ieu anu dipaparinkeun ku Alloh ka satiap manusa. Sukses bener atawa henteu eta manusa anu sieun jeung resep ku Alloh, anu dua-duana ngajamin kahirupan anu tentrem. Lamun sukses maka berhasil, lamun teu sukses tentu Alloh bakal nurunkeun kahirupanana pinuh ku kanalangsaan jeung kabalangsakan. Balangsak lain berarti sagala teu boga, bisa bae sagalana lewih ti batur tapi balangsak mah teu daeukeun lengit. Manusa bisa bae harta jeung kabogana mah lewih letik bahkan miskin tapi katenanganana dibikeun ku Alloh.

Ieu mangrupikeun nasihat Syekh Ibnu Athoilah terkait kadang urang boga harapan hirup hayang tenang, tentrem, ayem. Sementara katentreman hirup langsung anu masihanana Alloh jeung Alloh ngajanjikeun bakal dibikeun katentreman dina kahirupana. katentrema ieu di tesis ku Alloh dina suasana harepan teu daekeun datang jeung kahayang teu daekeun neupi. hasilna tina eta tesis, manusa kabagi dua:

  1. Manusa anu lulus: dari pada ngoreksi Alloh kajeun ngoreksi diri. Manusa anu lulus kajeun teuing nyalahkeun kahayang dari pada nyalahkeun Allah.
  2. Manusa anu teu lulus: kajeun teing ngoreksi Alloh dari pada ngoreksi diri. Bahkan kajeun teing nyalahkeun Alloh dari pada nyalahkeun diri sorangan.

Dimana urang ayana? Nu apal diri sorangan.

Notulen: Nurul Iman



Al-Quran Surah al-Jumu’ah ayat 6-8 :
قُلْ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ هَادُوا إِنْ زَعَمْتُمْ أَنَّكُمْ أَوْلِيَاءُ لِلَّهِ مِنْ دُونِ النَّاسِ فَتَمَنَّوُا الْمَوْتَ إِنْ كُنْتُمْ صَادِقِينَ (٦
“Caritakeun ku anjeun: Hey sakabeh jalma-jalma yahudi lamun maraneh nyangka kana saestuna maraneh eta kakasih Allah kalayan henteu manusa anu sejena, pek maraneh geura ngarep-ngarep kana maot lamun bukti maraneh eta anu bener”.
وَلا يَتَمَنَّوْنَهُ أَبَدًا بِمَا قَدَّمَتْ أَيْدِيهِمْ وَاللَّهُ عَلِيمٌ بِالظَّالِمِينَ (٧
“Eta jalma yahudi salawasna moal ngarep-ngarep kana maot, kusabab ayana kalakuan anu tiheula geus ngalakukeun ku leungeun-leungeunna. Allah nu maha uninga ka pirang-pirang anu dzolim”.
قُلْ إِنَّ الْمَوْتَ الَّذِي تَفِرُّونَ مِنْهُ فَإِنَّهُ مُلاقِيكُمْ ثُمَّ تُرَدُّونَ إِلَى عَالِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَيُنَبِّئُكُم بِمَا كُنتُمْ تَعْمَلُونَ
"Caritakeun ku anjeun (muhammad): Saenyana maot anu maraneh mikasieun etateh bakal ngajemput maraneh, tuluy maraneh dibalikeun ka dzat anu maha uninga kanu ghoib jeung kanu nemrak , tuluy anjeuna ngabejakeun ka maraneh kana kalakuan anu maraneh geus migawe".

PENJELASAN.

Ieu ayat bentuk khitob anu tertuju ka kelompok yahudi, yahudi anu mengakui jeung nekadkeun agama nabi Musa. Sabab turuna ieu ayat (asbabulnujul) nyaeta saba’da maranehna bersuara memproklamirkeun dirina bahwa kami kelompok yahudi, Kelompok yahudi anu mendapat keunggulan lain Muhammad sareng pengikutna.
Ngomongnateh:
انّا محمّدا واصحابه على الضّلاله
“Muhammad jeung baturna etamah kelompok anu sasar, kakasih Allah aing”ceuk yahudi.

Malah pernah ku ayana yahudi berkicau ”Bahwa nabi muhammad jeung sahabatna sasar tapi anu menang kaunggulanmah kami”, maka pernah diajakan mubahalah ku Rosulullah saw, dina buktina manehanana ngeper. Da ari hate leutikna mah mengakui kana kasasaran manehanana, jadi motif lisana menyembunyikeun kana eusining hate. Dina kitab toret aslina tertera, sifatna ditataan, tapi maranehna kalah ngarobah. Tapi dina hate lelembutanana mah ngaku kana kasasaranana, apal yen nabi Muhammad teh nabi jeung rosul anu terakhir saperti nyaho yen eta Muhammad teh eta anak aing dinapada nyahona. Tapi maranehannana leungit pengakuan bahwa nabi Muhammad teh eta emang anu bener. Jadi kanyaho maranehannana teu matak jadi dangdanan kana ngiman. Berarti maranehna nyaho kana yen aing anu sasar teh tapi jang nyumputkeun kana kotor hate maranehannana nepika nagabahasakeun “Muhammad jeung ashabna itu adalah sasar tapi anu benermah anu diangkeun jadi kakasih Allah mah barisan aing”. Nah itulah kecurangan jeung kedoliman yahudi.
Maka lungsur ieu al-Quran surat al-Jumuah ayat 6
“Muhammad sok bejakeun: Hei jalma-jalma yahudi, Yeuh lamun maraneh ngaku bahwa maraneh eta kakasih Allah sok atuh tinggal ngarep-ngarep hayang geura amprok jeung maot lamun bukti maraneh eta anu bener.”(Q.S.al-Jumuah:6).
Tertujuna ieu ayat kayahudi, jadi ieu hitob ‘am ka sakabeh yahudi tapi sifatna sepihak exteren keluar. Bentuk khitob teh:
1. Aya anu intern(kedalam) seperti keun ka jalma mu’min dina contoh ayat
يا ايهاالذين امنوا كونوا انصارالله
2. Aya deui anu bersifat universal , mencakup kana intern jeung ektern (kedalam dan keluar) saperti parentah untuk bertauhid meliputi ka sakabeh jalma rek mumin atawa kafir.

Lamun maneh boga anggapan: Kami jeung anak-anak kami eteteh anu dipikacinta ku Allah. Tuluy neupika boga pengakuan lembur aherat teh khusus kamanfa’atanana, kabahagianana pikeun maraneh malah nepika maraneh ngaraku bahwa moal aya anu asup kasurga kajaba barisan yahudi. Tah lamun bener kitu, sok geura-giru arep-arep datangna maot. Geus ludeng maneh nyanghareupan maot, sok geura usul hayang geura-giru paeuh lamun maneh benermah dina sangka maneh bahwa maneh anu dipikaasihteh, lain anu sejen.

Yeuh ari ngaran-ngaran dipika asihku Allah mah etateh milihna sok kana kabagjaan kahirupan aherat. Pola pikirna fokus keur kabahagiaan aherat. Moal aya kata hoream kana maot, sedengkeun ari mimiti alam aherat eta maot. Maka sok lamun maraneh hayang ngarasakeun kabahagiaan aherat pek rasakeun heula maot.

Jadi Nabi Muhammad atas perintah Allah piwarang ngadakwahan ka yahudi supaya menyadari kana kekeliruanana. Ongkoh aingteh ngaku kakasih Allah, bakal menang kasenangan di aherat, bakal dibere surga, tapi heeuh gening aing bet hoream kana maot. Sedengkeun ari menang surga jeung kabagjaan aherat teh kudu ngalaman paeuh, tapi aing hoream paeuh. Ayana ieu teh, mangrupakeun kanyaah ti Allah. Allah ngabejaan bisi maranehannana parohoeun.

Tapi naha lamun bener maranehna eta anu bener mah naha bet hoream ngadago kana ayana maot. Sedengkeun maranehanana boga sangkaan bahwa sawarga teh eta ngan wungkul keur maranehna, tapi naha bet hoream paeh ?
وَلا يَتَمَنَّوْنَهُ أَبَدًا بِمَا قَدَّمَتْ أَيْدِيهِمْ

Tah dina buktina si yahudi embungeun pinaggih jeung peuh. Borora’ah manehanana hayang gura-giru menang kani’matan aherat, pinanggih jeung maot, rek iraha atuh Azroil nyamperna, moal. Malah buktina henteu purun sieun.

Pangna embung paamprok jeung maot, kusabab manehanana ngarasa kana kakufuranana. Rumasa yen aing teh anu kufur ka nabi, aing teh anu dzolim, aing teh jalma nu sasar, sieun pinanggih jeung maot teh, kumaha balukarna. Ngan edasnya lewih gede keneh, rasa sieun aya, rasa salah aya, rasa kakufuranana aya, ngan etatah anu matak jadi penghalang kana imanamah aya sifat egona yahudi teh. Ari ceuk kakuduannana mah maranehna anu kudu leuwih iman sabab geus apal tulisanana dina toret . Matak anu berhargamah menang taufik hidayah ti Allah.
وَاللَّهُ عَلِيمٌ بِالظَّالِمِينَ
“Kana kadoliman kana kakufuran maranehannana, kami Allah eta anu maha uninga , moal aya nu bisa nyumput tina panguninga kami”.
Beres hitob kahiji disampaikeun ku Nabi dongkap deui surat al-Jumuah ayat 8:
Hitob surat al-Jumuah ayat 8 jang sarerea pengeling-ngeling ti Allah bahwasana:
Bejakeun ku anjeun muhammad supaya manusa-manusa hirup teh teu sa dalon-dalon, hirupteh teu kabawa kusakaba-kaba, hirup masing inget kana purwadaksi wiwitan jeung panungtungan, ulah nepika leubeung hirup kajongjonan,“yeuh saenyana maot paturaina nyawa jeung raga, papisahna rohani jeung jasmani, papisahna kuring anu jadi raga lembutna, jeung kurung anu jadi raga badagna. Kuring sukma sajatining insan ruh manusa bakal balik mayun ka Allah swt. Anu jadi kurungna badan sakujur bakal ngagoler aya dina jero beteng taneh, tah eteteh diri sarerea. Pinaggih jeung maot moal aya anu nyesa, da gening anu caricing di bumiteh istu si umbara anu bakal saling ganti, lain mangrupakeun lembur padumukan tapi mangrupakeun lembur pangumbaraan anu pada saliwat iwang, sagorelat laksana sakicep panon".
الَّذِي تَفِرُّونَ مِنْهُ

Anu maraneh teh mikasieun kana amprokna jeung maot, hayang ingkah kabur tina maot. Tapi maotmah sok sanajan dibenteng ku pager besi anu raksasa angger Azroilmah bakal nyampeurkeun.
فَإِنَّهُ مُلاقِيكُمْ

Maotmah bakal nyamperkeun ngajemput. Dimana datangna moal bisa mungkir, ngageretak teu aya tempo datangna teu mere nyaho, itulah maot anu bakal katarima kusarerea. Sieun pinaggih jeung maot, hoream pinaggih jeung maot. Bakal paturay jeung anak jeung kulawarga, bakal paturay jeung banda cul kabeuh ditinggalkeun. Balikmah maot leos ngan nyorangan, anu sejeunmah ngan saukur titipan. Ladang cape akhirna oper kanu sejeun, angger dirimah tebisa babawaan iwalti amal pamolah sorangan.

Sanajan hoream anggerwe bakal datang, ku ayana kitu berarti isyarah ti Allah bahwa eta maot teh kudu di pieling sabab moal pati reuwas nalika pinanggih jeung maot. Sabab geus boga persiapan keur ngahadapi maot. Geus di jatah ku Allah jalma anu bakal maot, geus dicatetkeun di loh mahfudz. Anu mana bakal dicabut ku malaikat Azroil, ku cara naek ka loh mahfudz ningali daftaran saha anu bakal maraot dina poe ayeuna. Ahirna bakal diberik ku malaikat Azroil, moal bisa kabur da geus aya tulisanana di loh mahfudz, anu mana moal bisa dilawan.
ثُمَّ تُرَدُّونَ إِلَى عَالِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَيُنَبِّئُكُم بِمَا كُنتُمْ تَعْمَلُونَ

Dimana geus panggih jeung maot, bakal dibalikeun ka Allah dzat anu maha uninga kana perkara anu ghoib jeung perkara anu nemrak. Moal aya perkara anu samar pikeun Allah swt. Rahasia soteh cek urang anu teu apal, tapi pikeun Allahmah teu aya istilah rahasia
لا يخفى شيء الاالله
“Moal aya hiji perkara anu samar ka Allah”
Tah urangteh bakal amprok jeung eta, bakal dibalikeun ka dzat Allah. Anu matak dina surat al-Baqoroh ayat 28:
كَيْفَ تَكْفُرُونَ بِاللَّهِ وَكُنْتُمْ أَمْوَاتًا فَأَحْيَاكُمْ ۖ ثُمَّ يُمِيتُكُمْ ثُمَّ يُحْيِيكُمْ ثُمَّ إِلَيْهِ تُرْجَعُونَ
“Cek Allah: Hey naha maneh gening kalahkah teu areling, malah kufur ka Allah. Kan manehteh baheula areweh, tuluy ku Allah dihirupan, tuluy eungkeuna anjeun bakal paeuh.”
Nah anu paling riskan engke, Amal kalakuan ku Allah bakal dibewarakeun. Ari ayeunamah di dunia menang satarna Allah. Tapi engke di aherat moal aya anu disumput-sumput ku Allah, kabeh bakal di bewarakeun jeung dibewarakeunna oge lain wungkul urang nu apal tapi sakabeh jalma apaleun kana laku lampah anu di pigawe ku urang.

Tah geus dibejakeun ku Allah, manehananan sadar, malah aya anu hayang protes ka Allah nampik kana eta laku goreng anu ditemrakeun ku Allah. Sanajan letah ulal-elol hayang ngomong nampik, moal bisa. Balikta sakabeh anggahota badan anu ngalakukeun gawe maksiat engke kabeh bakal ngaromong sakumaha allah ngadawuh dina surat yasin ayat 65:
الْيَوْمَ نَخْتِمُ عَلَىٰ أَفْوَاهِهِمْ وَتُكَلِّمُنَا أَيْدِيهِمْ وَتَشْهَدُ أَرْجُلُهُمْ بِمَا كَانُوا يَكْسِبُونَ

Tah geus kitu mah bakal dibales ku Allah swt. Laku hade bakal dibales ku anu hade nyaeta ku kani’matan. Laku goreng oge bakal ditegur ku Allah, ku cara di siksa naudzubillahi min dzalik. Ieu pangeling ti Allah sangkan urang ulah kajongjonan dina nalika hirup di alam dunya, hirup sadalon dalon, kabawa ku sakaba kaba. Kitu pangeling ti Allah sebagai tanda nyaah ka urang salaku mahlukna anu memang moal lepas tina sifat poho.

Notulen: Nurul Iman

Miftahul Huda

{picture#https://scontent.fcgk9-1.fna.fbcdn.net/v/t1.0-9/22555265_10155045104696662_7683761940892936903_n.jpg?_nc_cat=102&_nc_eui2=AeF68pIuZ8SjsJQHpgPg4-NbdF-3IDs8XdgyZphLykWdGgvFmr9f8U0k_g0j7z9ZnpUxvBx_SG77cnerBYPY59WPiDc8TjKxlIkEMTfh_l6J4g&_nc_oc=AQkRsFmL6xMWGMc5K8AXSfkPWKatFR6FTo-nNIhFNlBe7YaZ2h0g_VK3oH3M2Jno9ZU&_nc_ht=scontent.fcgk9-1.fna&oh=749b8223d2672cfad3c3f0333c8fc986&oe=5DBC3EAE} Admin Pondok Pesantren Miftahul Huda {facebook#https://www.facebook.com/miftahul.huda.pusat/} {youtube#https://www.youtube.com/channel/UCn0seHUcRDxGOXbUj1MqlQA} {instagram#https://www.instagram.com/miftahulhudapusat/}
Diberdayakan oleh Blogger.